Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih
kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu
jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep
geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti jaman ayana manusa
di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis, pantes teu robah
strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus
pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep
dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda netelakeun
yen Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.
Ingsun
(kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di
alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuringna.
Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa
nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran
Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/
saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan
Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan
raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka
dunya. Kusabab eta waktu si Tumang di paehan Dayang Sumbi kacida benduna, nu
hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu
balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun
sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeun
ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan di dunya
bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maehan napsu,
ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri
ninggalkeun urusan dunya.
Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah
pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita disimbulkeun
sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.
Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yen
kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa
jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu
diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan,
ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan
sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di
talaga).
Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh
(= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik
dina diri manusa, nyaeta : pangawasa/gerak-langkah, pangersa/kadaek, hirup,
pangrungu/denge, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati
manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung
pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan
sakuringna-sakuringna.
Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya
jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.
Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal
pikiran nu dicaangan ku elmu/katerang/kanyaho nu ditembrakkeun/dikibarkeun
atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran).
Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe
rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun
kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual
Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana
pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung
kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun
akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda).
Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun
(Sangkuriang kabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu
terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa
manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu)
teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu
didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati
hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul), hate nalangsa
ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen (Burangrang). Tapi sok sanajan batal
kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun
(kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala
deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati
dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining
seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu
diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul
napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka
dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu
moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu
dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa
pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu
ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan
luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya
sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung
ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon
kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga
ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa
Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu,
pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).
Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu
bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan.
Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung
rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun
akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan
adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun
ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun
nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa
hirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna.
Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun
ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.
Kitu intisari harti nu
kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga pedaran ieu tiasa nambah
kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang
Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka
diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar